1. Wangenan Aksara Sunda
Aksara Sunda téh nyaéta sistem ortografi hasil kaparigelan urang Sunda ngeunaan aksara jeung padika keur nuliskeun basa Sunda jeung basa-basa séjénna. Nurutkeun Perda No. 5 Taun 2003 jeung SK Gubernur Jawa Barat No. 434/SK. 614-Dis. PK/99 tanggal 16 Juni 1999, ditetepkeun yén aksara Sunda nu bener mah nya éta Aksara Sunda Kaganga atawa sok aya nu nyebut ogé Aksara Sunda Ngalagena. Ieu aksara téh hasil ngamodifikasi tina aksara Sunda Kuno nu kapanggih tina naskah-naskah kuno jeung prasasti.
Naha henteu asli nu aya dina prasasti? Ku naon kudu dimodifikasi deui? Lantaran sangkan aksara Sunda téh leuwih praktis tur gampang nuliskeunana. Lian ti éta, prosés ngamodifikasina ogé didadasaran ku sawatara alesan kieu:
- Wangunna diluyukeun kana Aksara Sunda Kuno, sangkan kajaga kaaslianana;
- Wangunna basajan sangkan gampang ditulisna;
- Sistem nuliskeunana ku cara misahkeun kecap per kecap;
- Éjahanana diluykeun kana basa Sunda kiwari;
- Mibanda unsur kaéndahan (éstétika) sangkan dipikaresep ku nu makéna tur bisa ditulis kalayan éndah (kaligrafi).
- Daptar abjadna ditambahan ku kandaga kecap basa Sunda kiwari.
- Tanda bacana ngaggunakeun tanda baca nu biasa dipaké nuliskeun aksara Latén.
- Bisa ditulis (diketik) maké alat citak modérn, saperti: mesin tik, mesin citak jeung komputer.
Aksara Sunda téh jumlahna aya 30 anu ngawengku 7 aksara swara (vokal) jeung 23 aksara ngalagena (konsonan). Lian ti éta aya ogé nu disebut rarangkén (vokalisasi), nya éta pananda sora anu gunana keur ngarobah, nambahan jeung ngaleungitkeun sora vokal dina aksara ngalagena. Rarangkén jumlahna aya 13. Lian ti éta aya ogé angka nu jumlahna 10, ti angka 0 nepi ka angka 9.
2. Kamekaran Aksara Sunda
Aksara téh ciri mandiri tina jatidiri bangsa nu mibandana. Aksara Sunda gé kitu, jadi kareueus tur ciri jatidiri urang Sunda. Dumasar lalakon sajarahna, urang Sunda téh kungsi ngagunakeun 7 aksara, nyaéta: Pallawa jeung Pranagari (abad ka-5 nepi ka abad ka-7 Maséhi; ± salila 3 abad), aksara Sunda Kuno (abad ka-14 nepi ka abad ka-18 Maséhi; ± salila 5 abad), aksara Jawa atawa Carakan (abad ka-11 jeung abad ka-17 nepi ka abad ka-19 Maséhi; ± salila 4 abad), aksara Arab atawa Pégon (abad ka-17 nepi ka panengah abad ka-20 Maséhi; ± salila 3 abad), aksara Cacarakan (abad ka-19 nepi ka panengah abad ka-20 Maséhi; ± salila 2 abad), jeung huruf Laten (ahir abad ka-19 nepi ka ayeuna; ± salila 2 abad).
Ayeuna diwanohkeun deui aksara Sunda nu kungsi dipaké dina abad ka-14 nepi ka abad ka-18 Maséhi tea. Diwanohkeunana deui aksara Sunda téh lantaran salila ieu aya anggapan di masarakat yén urang Sunda téh teu bogaeun aksara kawas urang Jepang, Cina, atawa Arab. Aya ogé urang Sunda nu mibanda anggapan yén aksara Sunda téh nya éta cacarakan atawa hanacaraka. Pangpangna mah di kalangan kolot béh ditu, lantaran baheula mah nu diajarkeun di sakola-sakola téh aksara cacarakan téa. Sabada ditalungtik ku filolog jeung sajarahwan, horéng aksara cacarakan nu disebut aksara Sunda téh lain asli aksara Sunda, tapi saenyana mah aksara Jawa. Kitu sotéh lantaran dina taun 1860, dina buku urang Walanda G.J. Grashuis nu judulna Handleiding voor Aanleren van het Soendaneesch Letterschrift (Buku Pituduh pikeun Diajar Aksara Sunda), disebutkeun yén aksara cacarakan téh aksara Sunda, anu satuluyna jadi bahan ajar di sakola-sakola di Tatar Sunda. Matak teu anéh mun kolot béh ditu, nganggap yén aksara cacarakan téh aksara Sunda. Tur padahal, ari cacarakan mah aksara Jawa.
Kiwari aksara Sunda Kaganga téh mimiti geus dipaké keur nuliskeun ngaran lembaga atawa jalan. Upamana waé di Musieum Sri Baduga, Kampus Yayasan Atikan Sunda dina beus Pérsib, jsté. Malah di sawatara kota/kabupatén mah aksara Sunda téh geus dipaké nuliskeun ngaran jalan. Lian ti eta, ayeuna mah aksara Sunda téh bisa dituliskeun maké alat citak modérn, kayaning mesin tik, mesin citak, jeung komputer. Lantaran ti mimiti bulan April 2008, ku alpukahna Balai Pengembangan Bahasa daérah (BPBD) Disdik Provinsi Jawa Barat, aksara Sunda téh geus resmi asup kana daftar Unicode, nyaéta standar industri nu dirarancang keur narekahan téks jeung simbol tina sakabéh sistem tulisan di dunya bisa dipidangkeun jeung dimanipulasi kalayan konsistén ku komputer. Ari udagan tina ayana komputerisasi aksara Sunda téh pikeun ngamekarkeun jeung nyumebarkeun aksara Sunda ngaliwatan média komputer.
3. Tarékah Sosialisasi Aksara Sunda
Sabada aksara Sunda bisa dikomputerisasi, aya sawatara tahapan nyosialisasikeunana ka masarakat, di antarana:
- Tahap Pawanohan, dina tahap ieu diwanohkeun ka kelompok jeung lembaga masarakat anu engkéna dipiharep baris nepakeun ka masarakat.
- Tahap Palomaan, dina tahap ieu diusahakeun sangkan masarakat ngarasa loma jeung biasa maké aksara Sunda.
- Tahap Pangagulan, dina tahap ieu aksara Sunda téh geus dipiagul tur jadi kareueus urang Sunda. Urang Sunda gé dina kahirupanana bisa maca jeung nulis maké aksara Sunda.
- Tahap Pamibandaan, dina tahap ieu aksara Sunda téh geus dianggap banda budaya urang Sunda.
